Arsip untuk Januari, 2008

Pindah!!! Ngalih!!! Boyongan!!!

30 Januari 2008

Punten ah… alamat itu tos Ngalih alias PINDAH alias BOYONGAN ka alamat anyar: Warungsunda.wordpress.com

Emut Ka Enung

28 Januari 2008

Ujug-ujug inget ke enung. Batur sakelas basa di SD. Ku babaturan kuring jeung manehna teh sok dipoyokan, majar bobogohan. Dumeh pada-pada bisa maca puisi, terus ku Bu Mami, guru basa Indonesia, teh sok dipilih jadi conto. Ngadeklamasikeun puisi di kelas sejen.

Tadina mah keuheul kuring dipoyokan te. Era deuih. Tapi lila-lila bet resep oge. Malah manehna jadi sering kaimpelng dina ingetan. Heuheuy deuh, padahal masih keneh SD. Cinta monyet tea meureun istilahna teh.

Di SD carita teh ngan ukur kitu-kitu bae. Sering dipoyokan, terus kuringna sering ingat ka manehna. Tapi ari papanggihmah ngobrol oge saperluna. Era bisi tamabh dipoyokan.

Tapi di SMP aya bedana. Kuring jadi wani.  Kalan-kalan sok ngajak ngobrol mun keur istirahat. Maklum kuring teh jadi beda kelas jeung manehna. Resep kuring teh mun ngobrol jeung manehna teh.

Tapi ari di luar mah teu ieuh nunjukeun. Kuring malah sok pipilueun batur, moyokan manehna anu disebut  ditaksir ke Si Asep. Manehna teh sok ambek dipoyokan kitu teh. Tapi ku kuring terus we dipoyokan, nepi ka manehna jamedud tur ngajengkat.
Harita kuring mimiti sering ngalamun. Ngareka-reka mun kuring jadi kabogoh manehna. Heuheuy deuh, jadi seuri sorangan mun inget ka jaman harita.

Carita kuring jeung manehna terus berlanjut. Basa SMA, kuliah. Ah, matak waas. Tapi engka deui ah caritana disambung deui. (hanca)

Si Aki Teh Geus Mulang

27 Januari 2008

Si Aki teh akhirna ngantunkeun. Loba nu ngalayad, mantan pejabat teh teu sirikna antri.  Loba oge anu milu ngarasa sedih.  Tapi teu saeutik anu cuek. Malah aya oge anu sinis.

Si aki teh memang  aya di wilayah abu-abu. Gede jasana, tapi loba oge salahna. Teu saeutik anu ngarasa kabantu, loba oge anu ngarasa ditincak sirah.

Si Aki geus miheulaan urang. Mun aya pimpinan pengayom ra’yat mulang ka kalanggengan, pasti aya hujan cimata dimana-mana. Aya oge dunga anu raramean diaminkeun. Tapi kuring sama sakali teu nyaksian hal eta.

Sigana memang hese nyiar pangawakan pamingpin pangayom ra’yat jaman ayeuna mah.  Nu loba mah pamingpin tukang ngabohongan ra’yat, purah nindes masyarakat, purah motongan duit balarea. Ah…

Pamulang, 27 Jan 2008

Kawijaksanaan Hirup ala Kabayan

25 Januari 2008

Kawijaksanaan hirup bisa dipetik dimana bae. Tina carita-carita lucu urang bisa mulungan bongbolongan kahirupan. Contona dina carita Kabayan ieu:

Mang Kodir –sebut bae kitu– rieut mikiran kasusah hirup. Panghasilan pas-pasan. Imahna nu sagede pelok teh ampir teu bisa nampung anakna nu geus 6 urang. Saung bututna teh tambah karasa sesek basa istrina ngalahirkeun anakna nu katujuh.

Hiji waktu Mang Kodir menta nasehat ka si kabayan.  Manehna hayang dibere jalan supaya imahna bisa leuwih lega tur bagena. “Gampang! neangan we hayam lima. Kerem di imah,” ceuk Si Kabayan.

Mang Kodir nurut. Samigu kaliwat ngalengis deui. “Naha taya hasilna resep maneh teh, Kabayan?”

Kabayan tembing serius. “Kapan karek resep kahiji etah mah. Masih keneh aya dua resep deui.”

Kang Kodir olohok, “Baruk masih aya dua deui? Cing naon bae?”

“Ayeuna neangan kelenci opat. Tunda di dapur.” Sanajan rada cangcaya Mang Kodir teh nurut.

Minggu katilu, Kabayan mere resep deui, “Neangan domba dua. Nginjeum ka tatangga teu nanaon. Ingu di  jero imah.”

Minggu kaopat Mang Kodir datang bari ambek.  “Sia mah ngadon nyiksa aing, Kabayan. Kalah tambah sesek jeung rujit imah aing teh.”

Si Kabayan nyakakak. “Ih kapan eta mah karek langkah awal. Tah ayeuna karek solusina. Kabeh hayam, kelenci jeung domba teh kaluarkeun poe ieu oge. Di jamin isuk imah teh karasa lega tur lugina.”

Telu poe ti harita Mang Kodir papanggih duei jeung si kabayan. Beungeutna bengras. “Bener tokcer resep maneh teh Kabayan. Karas leuwih lega imah teh ayeuna mah,” pokna. Kabayan nyakakak.

Tina carita eta (asana kungsi maca dina Mangle jama edisi bahuela) urang bisa narik kesimpulan: soal sempit jeung lega teh estu tergantung kana cara urang mandang kayaan. Tergantun kana situasi mana urang nyieun perbandingan.

Mang Kodir contona, mimitina ngarasa imhana sempit pisan lantaran nyieun perbandingan jeung imah batur nu leuwih lega. Tapi sanggeus ngabandingkeun jeung kondisi imahna basa didedetan sasatoan, Kang Kodir teh ngaras imahna jadi leuwih lega.

Hirup urang bisa saperti kitu. Lamun urang ngabandingkeun kaayaan urang jeung dungeun-deungun nu leuwih luhur, pasti urang humandeuar terus. Tapi mun ngabandingkeun jeung nu leuwih handap, urang tinangtu bakal lebih kerep nyukuran kayaan.

Pamulang, 25 Januari 2008

Terasing Tina Carita Sunda

23 Januari 2008

Ti leuleutik mula, kuring geus kaedanan ku carita fiksi. Tapi lantaran tumuwuh di keluarga ekonomi pas-pasan, maca teh sakatimuna pisan. Reremenan mah beunang nginjeum di tatangga atawa ti perpustakaan sakola.

Carita sunda teh lolobana mah kapanggih dina majalah Mangle. Kabeneran aya tatangga, guru, anu langganan eta majalah. Nya kuring ge jadi langganan nginjeum ka manehna. Kabeneran budakna teh babaturan sakola.

Nya dina mangle pisan kuring nimu carita Lagoa Jago Tanjung jeung Si Laleur Bodas anu nepi kakiwari tetap hawar-hawar aya dina ingetan. Tina Mangle oge kuring kenal ngaran-ngaran tenar saperti: Moh Ambri, Aam Amilia, Yoseph Iskandar, RAF, Holiseh Me (anu bulan kamari meunang penghargaan), Usep Romli, jst.

Lima taun ka tukang, basa masih di Surabaya, kuring masih kalan-kalan bisa maca Mangle. Biasana neangan di tukang majalah bekas, basa keur pareng mulang ka lembur. Tapi kiwari kuring geus ngumbara di Jakarta. Geus ampir dua taun campleng kuring tara pisan maca carita sunda. Mangle oge geus pisan teu apal nasibna. Naha masih terbit atawa geus perlaya.

Ah, asana sono pisan karasana teh. Aya eta oge sok kapikir hayang coba neangan buku-buku fiksi sunda. Tapi mun geus tepi ka toko buku, mikirna teh jadi bulak-balik. Jadi mandeg-mayong. Ekonomi lemah teh geus nurun ti indung bapa, jadi problem kuring sorangan. Kapentingan meuli buku jeung susu budak teh sok perang. Tur akhirnya susu budak biasana jadi pemenang. Jadi kondisi terasing tina fiksi sunda teh sigana bakal leuwih lila kaalaman.

Pamulang 23 Januari 2008

Pulitikus Kutu Loncat

22 Januari 2008

Pak Agum Gumelar nyalon jadi Gubernur Jabar? Kuring rada kerung basa ngabandungan berita eta teh. Soalna taun kamari kapan kuring mireungeuh pisan anjeuna berjuang keur nyalon jadi Gubernur DKI. Terus sababaraha taun memehna, manehna oge nyalon jadi Wakil Presiden.

Euleuh-euleuh, kuring ukur bisa gogodeg. Bek inget kana kutu loncat. Padahal anjeunana teh kapan tos pangalaman janten menteri. Naha kurang puas kita ngajabat teh? Barina oge teu gengsi kitu sabada lungsur menteri ayeuna nyalon jadi gubernur? Boa-boa  lamun engka  gagal, ajeuna masih  ambisi nyalon bupati?

Hehehe, punten ah Pa Agum. Ukur banyol kuring mah. Bari na oge Pa Agum kapan  teu  sosoranganan. Soal pindah-pindah daerah pencalonan, da jamak pisan ayeuna mah. Rano Karno misalnya, anu sempat pada gagal nyalon di Jakarta, ayeuna kapilih jadi wakil bupati tangerang. Taya nu mersoalkeun, kapan.
Soal sora nurani mah da boga sewang-sewangan kapan. Bari na oge saha nu rek nanyakeun katulusan jeung kaihlasan calon nu pindah-pindah daerah pemilihan dina raraga ngabangun jeung ngamakmurkeun masyarakat?  Hehehe.

Soal para mantan pejabat anu terus ngudah kadudukan anyar da kapan jamak pisan di nagri urang mah. Sok ilikan para mantan anu berjuang ngadegkeun partai anyar. Saarat-arat. Kekawasaan teh memabukan, memang.

Sagala masih dina koridor, ceuk sobat kurang basa gunem catur soal eta. Tapi terus terang, ningal fenomena siga kieu teh, kurang jadi leuwih apatis nitenan politik di nagri sorangan teh. Sebel. Pangnage embung pisan ilubiung milu nyoblos pilkada atawa pilpres teh. Lah kerun naon, ngan ukur mere jalan keur politikus avoutourir keur ngeruk kakayaan saloba-loba na. Prestasina mah kapan sarua wae nu tiheula atawa nu ayeuna oge.  Prestasi ngeusian saku pribadi mah enya we.
Teu percaya? Coba we taliti para politis ayeuna. Tadina, ukur jalma kitu-kitu bae.  Sanggeus jadi anggota DPR atawa pajabat, kakayaanana jadi tikel-tikel. Timana etah teh? Ladang tina gajih? Heuheuy deuh pangkat presiden oge moal kabedag meuli imah agreng jeung mobilmewah teh  mun ukur ngandelkeun gajih mah. Jadi nya pasti sabet kenca, sabet katuhu.

Nyao ah. Kalah ngacapruk kuring teh. Kitu tah ari geus ngomongkeun pulitik teh. Napsu we nu aya. Keuheul oge ngagunung. Geus ah, mending solat heula ambeh leler kakeuheul teh. Mangga…

Jakarta, 22 Januari 2008

Mending Ditulis Tangan

22 Januari 2008

Kang Apud teh juru ketik di kantor Dikbud. Ari istrina sok nyiar tambahan balanja tina wawarungan di hareupeun imah. Najan geus boga budak dua, umur 5 taun jeung 3 taun, tapi duanana tembong pada geuguet bae.

Malah maranehna boga isyarat khusus upama rek boga hajat teh. Supaya teu kabaca ku barudak, cek Kang Apud. Eta isyarat teh hiji poe dugunakan.

Harita teh ba’da magrib. Kang Apud gogoleran dina korsi bari nongton TV. Ari istrina sibuk ngaladenan nu balanja. Acara TV teh pinuh ku sinetron. Kang Apud terus mindah-mindah chenal, neangan acara nu alus. Tapi berekah teu manggih nu cocok. Antukna remor teh dipanteng dina salah sahiji stasiun tv anu keur nyiarkeun lagu-lagu. Pas nu duputer teh lagu barat. Lagu hip hop cek barudak jaman kiwari mah. Nu nyanyinya lalaki negro diiringan ku panari latar anu sareksi.

Nempo gutak-gitekna panari latar anu make rok mini teh, Kang Apud ujug-ujug timbul birahi. Waduh-waduh. “Lin, kadieu geura, apa miwarang.” pokna ngageroan anakna nu geder anu keur anteng ngagambar. Lina hudang, ngadeukeutan. “Yeuh pang nyarios keun ka ema. Ema hoyong ngetik kituh. Ema piwarang nyandak pitana ka kamar,” cek kang Apud. Lina ungeuk. Loes we.

Calakan memang anak na teh. Teu lila geus jol deui. “Engka heula saurna pa. Emana nuju sibuk,” pokna. Kang Apud camberut. Perasaannya geus teu ngareunah. Koloying ka kamar. Dug ngedeng, tapi kalah guling gasahan. Los ka kamar mandi. Euluketek lila pisan. Basa kaluar ti kamar mandi, jebul Lina ti warung mamawa bungkusan snack. “Pa saur ema pang mantuan keun nutup warung supados pitana tiasa cepet diangggo,” cenah bari sungut pinuh ka dahereun.

Kang Apud camberut. “Ah telat. Bejakan ke ema, ketikannana geus ditulis tangan,” pokna baru bus deui ka kamar. Basa istrina ngadenge omongan eta ngaliwatan Si Lina, langsung gogodek. “Dasar apa menah mah teu aya kasabar,” pokna bari rada hanjakal.

Pamulang, 21 Jan 2008

Kataji ku Buku Laskar Pelangi

22 Januari 2008

Tadi, bari ngasuh si kembar pupujan ati, kuring akhirna bisa namatkeun buku “Laskar pelangi”. Rada telat maca teh. Batur mah geus ti baheula ribut ku buku ieu. Hebat, inspiratif, cenah.

Pangna oge kuring jadi panasaran. Kabeneran aya nu daek nginjeuman, nya langsung dikebut. Tilu poe geus tamat (ketang bari rada diliwatan maca teh).

Memang enya, buku teh matak ngirut ati. Inspiratif, lantaran bisa mere sumanger baru keur kaum pinggiran siga kuring.

Laskar pelangi sebenarnya carita khas Indonesia. Soal kahirupan barudak miskin anu tisuk-sruk ti dung-dung ngudak elmu. Di tatar sunda moal hese neangan nu siga kitu. Tapi pertanyaannya gedena: naha taya nu ngajanggelek jadi buku?

Andrea Hirata, si pangarang laskar pelangi, boga keunggulan lantaran lahir di tengah budaya malayu. Sastra lisan kapan terkenal pisan jadi ciri budaya ieu. Jadi soal ngacaprak, ngadongenkeun carita lalakon hirup sorangan, pasti teu jadi halangan.

Kuring oge sebenerna geus lila boga cita-cita. Hayang leukeun nulis. Kerus simpenen sorangan we. Soalna geus kungsi nyoba nyieun carpon, tapi basa dikirimkeun ka media massa teh taya bejana sama sakali. Tapi cita-cita teh nepi kakiwari can kalaksanakeun.

Neken diri supaya unggal poe bisa ngahasilkeun kotretan carita, kacida hesena. Memang geus ti baheula mula kuring ngaras teu pati boga bakat kana tulis menulis teh. Jadi kahayang aya, tapi kabisa berekah teu ayaan.

Pamulang, 21 Jan 2008

Bagea

21 Januari 2008

Wilujeng tepang, Baraya! Hayu urang sami-sami micinta tur ngamumule basa sunda. Najan ayeuna kuring aya di pangumbaraan da ati mah tetap ngait. Najan ayeuna aya di kajauhan da pikiran mah tetap muntang. Sunda urang, sunda nu endah, sunda nu beuki kapopohokeun.