Pak Agum Gumelar nyalon jadi Gubernur Jabar? Kuring rada kerung basa ngabandungan berita eta teh. Soalna taun kamari kapan kuring mireungeuh pisan anjeuna berjuang keur nyalon jadi Gubernur DKI. Terus sababaraha taun memehna, manehna oge nyalon jadi Wakil Presiden.
Euleuh-euleuh, kuring ukur bisa gogodeg. Bek inget kana kutu loncat. Padahal anjeunana teh kapan tos pangalaman janten menteri. Naha kurang puas kita ngajabat teh? Barina oge teu gengsi kitu sabada lungsur menteri ayeuna nyalon jadi gubernur? Boa-boa lamun engka gagal, ajeuna masih ambisi nyalon bupati?
Hehehe, punten ah Pa Agum. Ukur banyol kuring mah. Bari na oge Pa Agum kapan teu sosoranganan. Soal pindah-pindah daerah pencalonan, da jamak pisan ayeuna mah. Rano Karno misalnya, anu sempat pada gagal nyalon di Jakarta, ayeuna kapilih jadi wakil bupati tangerang. Taya nu mersoalkeun, kapan.
Soal sora nurani mah da boga sewang-sewangan kapan. Bari na oge saha nu rek nanyakeun katulusan jeung kaihlasan calon nu pindah-pindah daerah pemilihan dina raraga ngabangun jeung ngamakmurkeun masyarakat? Hehehe.
Soal para mantan pejabat anu terus ngudah kadudukan anyar da kapan jamak pisan di nagri urang mah. Sok ilikan para mantan anu berjuang ngadegkeun partai anyar. Saarat-arat. Kekawasaan teh memabukan, memang.
Sagala masih dina koridor, ceuk sobat kurang basa gunem catur soal eta. Tapi terus terang, ningal fenomena siga kieu teh, kurang jadi leuwih apatis nitenan politik di nagri sorangan teh. Sebel. Pangnage embung pisan ilubiung milu nyoblos pilkada atawa pilpres teh. Lah kerun naon, ngan ukur mere jalan keur politikus avoutourir keur ngeruk kakayaan saloba-loba na. Prestasina mah kapan sarua wae nu tiheula atawa nu ayeuna oge. Prestasi ngeusian saku pribadi mah enya we.
Teu percaya? Coba we taliti para politis ayeuna. Tadina, ukur jalma kitu-kitu bae. Sanggeus jadi anggota DPR atawa pajabat, kakayaanana jadi tikel-tikel. Timana etah teh? Ladang tina gajih? Heuheuy deuh pangkat presiden oge moal kabedag meuli imah agreng jeung mobilmewah teh mun ukur ngandelkeun gajih mah. Jadi nya pasti sabet kenca, sabet katuhu.
Nyao ah. Kalah ngacapruk kuring teh. Kitu tah ari geus ngomongkeun pulitik teh. Napsu we nu aya. Keuheul oge ngagunung. Geus ah, mending solat heula ambeh leler kakeuheul teh. Mangga…
Jakarta, 22 Januari 2008
Tag: Gunem
22 Januari 2008 pukul 5:33 pm
sabar, akang — ulah seueur emutan bisi tereh kolot.
apan cenah pulitik mah miboga dunya sorangan. nu ku urang2 mah boa-boa moal bisa kaanjangan.
22 Januari 2008 pukul 6:09 pm
Muhun nya kang. Nuhun diemutan. Batur nu hujan rejeki, abdi nu pinuh ku kakeuheul. Ngadon ngundang panyakit we….