Si Aki Teh Geus Mulang

By lanterasunda

Si Aki teh akhirna ngantunkeun. Loba nu ngalayad, mantan pejabat teh teu sirikna antri.  Loba oge anu milu ngarasa sedih.  Tapi teu saeutik anu cuek. Malah aya oge anu sinis.

Si aki teh memang  aya di wilayah abu-abu. Gede jasana, tapi loba oge salahna. Teu saeutik anu ngarasa kabantu, loba oge anu ngarasa ditincak sirah.

Si Aki geus miheulaan urang. Mun aya pimpinan pengayom ra’yat mulang ka kalanggengan, pasti aya hujan cimata dimana-mana. Aya oge dunga anu raramean diaminkeun. Tapi kuring sama sakali teu nyaksian hal eta.

Sigana memang hese nyiar pangawakan pamingpin pangayom ra’yat jaman ayeuna mah.  Nu loba mah pamingpin tukang ngabohongan ra’yat, purah nindes masyarakat, purah motongan duit balarea. Ah…

Pamulang, 27 Jan 2008

2 Tanggapan ke “Si Aki Teh Geus Mulang”

  1. Urangkidul Berkata:

    Si Aki teh saha? Pak Harto? Kuring age teu pati paduli ah kamanehna. Cek mahasiswa mah urut musuh reformasi, raja korupsi…..

  2. lanterasunda Berkata:

    Hehe….Memang leres. Tapi ati-ati ah kang, soal tuduhan raja korupsi mah kapan nepi ka manehna maot oge can pernah kabukti

Tinggalkan Balasan