Ujug-ujug inget ke enung. Batur sakelas basa di SD. Ku babaturan kuring jeung manehna teh sok dipoyokan, majar bobogohan. Dumeh pada-pada bisa maca puisi, terus ku Bu Mami, guru basa Indonesia, teh sok dipilih jadi conto. Ngadeklamasikeun puisi di kelas sejen.
Tadina mah keuheul kuring dipoyokan te. Era deuih. Tapi lila-lila bet resep oge. Malah manehna jadi sering kaimpelng dina ingetan. Heuheuy deuh, padahal masih keneh SD. Cinta monyet tea meureun istilahna teh.
Di SD carita teh ngan ukur kitu-kitu bae. Sering dipoyokan, terus kuringna sering ingat ka manehna. Tapi ari papanggihmah ngobrol oge saperluna. Era bisi tamabh dipoyokan.
Tapi di SMP aya bedana. Kuring jadi wani. Kalan-kalan sok ngajak ngobrol mun keur istirahat. Maklum kuring teh jadi beda kelas jeung manehna. Resep kuring teh mun ngobrol jeung manehna teh.
Tapi ari di luar mah teu ieuh nunjukeun. Kuring malah sok pipilueun batur, moyokan manehna anu disebut ditaksir ke Si Asep. Manehna teh sok ambek dipoyokan kitu teh. Tapi ku kuring terus we dipoyokan, nepi ka manehna jamedud tur ngajengkat.
Harita kuring mimiti sering ngalamun. Ngareka-reka mun kuring jadi kabogoh manehna. Heuheuy deuh, jadi seuri sorangan mun inget ka jaman harita.
Carita kuring jeung manehna terus berlanjut. Basa SMA, kuliah. Ah, matak waas. Tapi engka deui ah caritana disambung deui. (hanca)